UST. ABU HAIDAR - KAJIAN SUNDA KITAB RIYADHUS SHALIHIN
Dipedar ku Basa Sunda
Pemateri : Ustadz Abu Haidar As-Sundawy (Hafizhahullah)
Tempat : Masjid Umar bin Khattab (Desa Selacau, Batujajar, Kabupaten Bandung)
Waktos : Juma'ah, 11 Jumadits Tsani 1438 H
***
Urang kamari tos ngabahas ngeunaan Yakin. Ngajelaskeun ngeunaan nyumputna Nabi ﷺ di Gua Tsur.
HADIST KA - 5 BAB YAKIN & TAWAKAL
Hadist Ieu ti Ummu Salamah radhiyallahu'anhu. Nami asli Ummu Salamah nyaeta Hindun Binti Abi Umayyah Istri Nabi ﷺ.
Ummu Salamah netelakeun, Nabi ﷺ ngajelaskeun :
مَا خَرَجَ النَّبِيُّ صلى الله عليه وسلم مِنْ بَيْتِي قَطُّ إِلاَّ رَفَعَ طَرْفَهُ إِلَى السَّمَاءِ فَقَالَ: “اللَّهُمَّ إنِّي أَعُوذ بِكَ أَنْ أَضِلَّ أَوْ أُضَلَّ، أَوْ أَزِلَّ أَوْ أُزَلَّ، أَوْ أَظْلِمَ أَوْ أُظْلَمَ، أَوْ أَجْهَلَ أَوْ يُجْهَلَ عليَّ
Anjeunna (Nabi Muhammad ﷺ) nalika kaluar ti bumi maca dzikir : Allahumma inni a’udzu bika an adhilla aw udhilla, aw azilla aw uzalla, aw azhlima aw uzhlama, aw ajhala aw yujhala ‘alayya
["Ya Allah, Abdi nyalindung ka anjeun tina kasesatan diri atanapi disesatkeun ku batur, tina tisereuleu atanapi dijongklokkeun ku batur, tina kabodoan diri atanapi di bobodo batur"].
(HR. Abu Daud sareng Ibnu Majah. Syaikh Al Albani nyebutkeun hadits ieu shahih sakumaha tina Misykatul Mashobih)
Seuur jalmi nu kaluar ti bumi, interaksi sareng batur. Kapangaruhan kanu awon. Jadi urang teh kudu nyalindung ka Allah, ambéh teu tiseureuleu, tikosewad dina jalan hirup anu lurus kana kamaksiatan.
Tah ieu umumna di kaum muslimin, terang haram tapi dilakukeun. Anu Zinah terang eta teh perkara anu haram, tapi dilakukeun. Boh syubhat boh syahwat eta seuur pisan nu dilakukeun.
***
Abdi nyalindung ka Allah tina ngalakukeun kadzoliman atanapi di dzoliman ku batur. Ieu seuur kaalaman ku saha wae.
Syubhat ditimbulkeun tina kabodoan, syahwat ditimbukeun tina hawa nafsu.
Aya sababaraha jenis jalmi anu bodo nyaeta :
1. Bodo Guminter, bodo tapi so' tau
2. Bodo Alewoh, bodo tapi seuur tatanya
***
Hadist ieu ngandungan makna nyaeta nyalindung tina 4 perkara :
1. Kasesatan
2. Supados teu tiseureuleu. Boh tiseureuleu nyalira atau dijongklokkeun ku batur
3. Tina kadzoliman atanapi di dzoliman ku batur
4. Sikap kabodoan
***
Aya sababaraha pelajaran atanapi faidah hadist :
1. Hadist ieu ngajelaskeun yen hiji hamba lengkah awal kaluar ti bumina teh kudu dimimidian ku dzikir ka Allah sareng tawakal nyerahkeun diri sapenuhna ka Allah. Supados angkatna teh janten ibadah
2. Hadist ieu ogé ngajelaskeun, yen hamba mukmin kedah salawasna nyalindung ka Allah tina kasesatan, tina kadzoliman, tina jalan anu nyimpang.
3. Hadist ieu ngajelaskeun, sumber kasesatan aya 3 :
• Was-was nu aya tina dirina
• Tipu daya syaitan
• Syubhatna jalmi-jalmi anu sesat
4. Dianjurkeun atanapi di sunnahkeun ngadawamkeun dzikir ieu.
_______________
©Hunter Unpad 2017
Line@ ID : @vql7648g
https://line.me/R/ti/p/%40vql7648g



Komentar
Posting Komentar