PANGAOSAN UST. ABU HAIDAR - SYARAH RIYADHUS SHALIHIN
PANGAOSAN RUTIN UNGGAL JUMAAH BADA SHUBUH
Riyadush Shalihin, Bab Tawakal
Dipedar ku Basa Sunda
Pemateri : Ustadz Abu Haidar As-Sundawy (Hafidzahullah)
Dinten/Kaping : Senén, 21 Rabiuts-Tsani 1438 H/20 Januari 2017 M
Tempat : Masjid Umar Bin Khattab (Desa Selacau)
Resume Ku : Auliviér (Kimia 2016)
"Kanggo Resume Ieu, Teu acan aya versi Terjemahannana. Kumargi ieu mangrupikeun resume pertama anu nganggo basa Sunda. In syaa Allah kapayun disayogikeun resume anu dipedar ku basa Sunda sareng terjemahanna".
"Untuk Resume ini, belum ada versi terjemahannya. Karena ini merupakan resume pertama kami yang menggunakan bahasa sunda. In syaa Allah untuk kedepannya disediakan resume bahasa Sunda dengan terjemahannya menggunakan bahasa Indonesia".
***
"Umar nguping Rasulullahﷺ: sing saha waé anu tawakkal, Allah bakal masihan rejeki sapertos masihan rizki kana manuk, anu dina waktos Enjing dina kaayaan lapar, sore dina kaayaan wareg/seubeuh."
HR. Tirmidzi, Hasan
Syaikh Albani: Shahih (Kitab Shohih Al-jami)
Kumaha carana tawakkal?
1. Urang kudu tawakkal saleresna. Kumaha carana?
-Nyarande ka Gusti Allah sacara sampurna dina sagala usaha. Ngagaduhan kayakinan yén Allah bakal méré rizki kana tiap tiap makhluk.
وَمَا مِنْ دَآ بَّةٍ فِى الْاَرْضِ اِلَّا عَلَى اللّٰهِ رِزْقُهَا
"Teu aya hiji makhluk anu ngarayap di dunya ieu kajabi tanggungan Allah rizkina." (Hud: 6)
اَوَلَمْ يَرَوْا اِلَى الطَّيْرِ فَوْقَهُمْ صٰٓفّٰتٍ وَّيَقْبِضْنَ ؕؕ ۘ مَا يُمْسِكُهُنَّ اِلَّا الرَّحْمٰنُ ؕ
"Manehna teu nempo manuk teu ragrag kakalayangan di luhureun manehna?Teu tiasa anu ngaragragkeunna iwal ti anu Maha paméré." (Al-Mulk: 19)
Ieu mangrupa jangji Allah nu bakal dilaksanakeun, moal ditinggalkeun ku Allah. Contona? Cakcak anu ngadaplok dina témbok tos diatur rizkina, nyaéta reungit anu hiber.
Allah nétélakeun yén Allah tos ngawajibkeun kana dirina nulungan 3 golongan, salah sahijina :
A. Jalmi anu nikah dina raraga ngajaga kahormatan dirina.
2. Ngalakukeun sebab sebab rizki sumping ka urang (ikhtiar). Ikhtiarna tapi kudu anu halal.
"Umar nempo hiji jalmi ngaleos ninggalkeun onta na nu teu dicangcang, cul leos. Umar naséhatkeun manehna kudu nyangcangkeun onta na, tuluy tawakal. Sanes tawakal bari teu nyangcangkeun onta na."
Allah moal masihan rizki kana jalmi anu teu ikhtiar milarian rizki. Allah ngagampangkeun jalan-jalan kana jalmi anu milarian rizki.
Allah ﷻ Ngadawuh :
تُسَبِّحُ لَهُ السَّمٰوٰتُ السَّبْعُ وَالْاَرْضُ وَمَنْ فِيْهِنَّ ؕ وَاِنْ مِّنْ شَيْءٍ اِلَّا يُسَبِّحُ بِحَمْدِهٖ وَلٰـكِنْ لَّا تَفْقَهُوْنَ تَسْبِيْحَهُمْ ؕؕ
Langit yang tujuh, bumi, dan semua yang ada di dalamnya bertasbih kepada Allah. Dan tidak ada sesuatu pun melainkan bertasbih dengan memuji-Nya, tetapi kamu tidak mengerti tasbih mereka. Sungguh, Dia Maha Penyantun, Maha Pengampun."
"Salangit anu 7, bumi, tur sakabéhna makhluk anu dijerona tasbih ka Allah, tapi maneh teu apal tasbih maranéhanana." (Al-Isra: 44)
Boh benda mati boh benda hirup sadayana tasbih sareng muji ka Allah, tapi jalmi-jalmi moal apal benda teh tasbih sareng tahmid kusabab jalmi teu apal cara na benda benda eta tasbih, tahmid, tur sujud ka Allah.
اَلَمْ تَرَ اَنَّ اللّٰهَ يَسْجُدُ لَهٗ مَنْ فِى السَّمٰوٰتِ وَمَنْ فِى الْاَرْضِ وَالشَّمْسُ وَالْقَمَرُ وَالنُّجُوْمُ وَ الْجِبَالُ وَالشَّجَرُ وَالدَّوَآبُّ وَكَثِيْرٌ مِّنَ النَّاسِ ؕ وَكَثِيْرٌ حَقَّ عَلَيْهِ الْعَذَابُ ؕ وَمَنْ يُّهِنِ اللّٰهُ فَمَا لَهٗ مِنْ مُّكْرِمٍ ؕ اِنَّ اللّٰهَ يَفْعَلُ مَا يَشَآءُ
"Maranéh apal teu yén saha saha waé anu aya di langit tur anu aya di bumi sujud kana Allah. Oge panon poé, bulan, béntang,gunung-gunung, tatangkalan, makhluk anu kakarayapan, jeung loba anu diantara bangsa manusa? Tapi loba manusa anu pantes dibere azab. Sing saha wae anu dihinakeun ku Allah, teu bisa hiji jelema bisa ngamulyakeun manehna. Allah ngalakukeun naon wae anu dipikahayangna."
(Al-Hajj: 18)
#ResumeKajian #BasaSunda
_______________
©Hunter Unpad 2017
https://line.me/R/ti/p/%40vql7648g

Komentar
Posting Komentar